Jumat, 05 November 2010

SASAKALA SUNDA

Sasakala Gunung Kendang

Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang ku dalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi katamatna. Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu pikahayangéun.

Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna.

Pok Ki Dalang sasauran.

"Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?"

Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaagra téh. Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména. Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan.

Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén anu ngagalideng halimpu pisan. Barang lalakon ampir tamat geus deukeut subuh,torojol dua jelema anu maké pakéan saragam upas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu maksudna supaya éta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheus ka kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan.

Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati. Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisan leuleumpangan henteu loba sumarimpang.

Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg ngarimpak rareureuh dihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék bray-brayan beurang.

Tapi anéh bin ajaib!

Éta dua Upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa lebih ilang tampa karana. Sakabéh nu hadir musna teu ngaho kamana leosna. Nu aya sesana ngan gamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén, kabéh robah ngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang.

Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Jum'ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén gagalindeng angin-anginan. Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nangnéngnong. Ditempas ku sora kendang, dung plak dung plak, écés pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan.

Loba jelema katipu.

Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantarpeundeuy, jeung nu séjénna. Nu dek lalajo ngabring, manéhna nyangka aya kariaan di kampung Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangkayénnu nanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.

Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Dijalan abringan nu ti Kalér jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan téh. Masing-masing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu.

Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga kendang, goong, anggél, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur réana aya opat bélas, anu nangtung anu ngedéng. Anu siga guguling panjangna hiji satengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti Kacamatan Cisompét Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru.












Sasakala Bituna Gunung Guntur

Kacaturkeun di Karajaan Korobokan. Nu jeneng rajana Sunan Ranggalawé. Sakuduna mah lanceukna nu jadi raja téh, Ratna Inten Déwata. Tapi lantaran lanceukna awéwé, nya Sunan Ranggalawe nu nyuluranana.
Hiji mangsa halodo kacida bangetna. Rayat Korobokan jumerit lantaran walurat ku cai. Tong boro keur tatanén, dalah keur kabutuh sapopoé gé kacida susahna. Raja gé kalintang bingungna.

Sabada babadamian jeung patihna, Raja mutuskeun rék nyieun situ. Tapi lahan pisiteun téh kabeneran ayeuna keur dilinggihan ku lanceukna téa. Najan beurat, Sunan Ranggalawé ménta Ratna Inden Déwata sangkan daék masrahkeun lahanna keur pisitueun.
Tapi béda tina sangkaan, lanceukna bet ngeukeuhan éta lahan. Basana, geus gé Aceuk teu bisa jadi raja, lahan ternpat cicing gé bet digunasika. Sunan Ranggalawé teuisa kukumaha.

Tapi di perjalanan patihna ngélingan. Maenya cenah raja teu mentingkeun rayat, tur bisa éléh ku awéwé. Sabada dipikir-pikir deui, kapaksa Raja nepungan lanceukna nu kadua kali. Tapi angger, lanceukna teu mikeun lahanna keur pisitueun.

Antukna, antara beurat kana kahayang rahayat jeung tuluy didongsok ku patih, Sunan Ranggalawé ngalaksanakeun niatna ngabendung situ di lahan kagungan lanceukna. Puguh baé Ratna Inten Déwata kacida benduna. Éta putri nu geulis kawanti-wanti téh tuluy ngajugjug ponclot Gunung Kutu, nu ayeuna katelah Gunung Guntur.

Bari niiskeun pikir, Nyi Putri neneda ka Gusti sangkan adina anu geus maksa mirusa dipaparinan kasadaran. Sabadana, anjeunna ngawurkeun taneuh sakeprul jeung ke¬kembangan di ponclot Gunung Kutu. Dadak sakala, kaayaan jadi angkeub jeung geueuman. Nyi putri enggal lungsur.

Teu sawatara lila ti harita, Gunung Kutu bitu rongkah kacida.

Lian ti éta anu narik ti Gunung Guntur téh kaayaan alamna. Apan bulistir pisan. Euweuh tangkal kai nu baradag sumawona leuweung gerot. Nu jaradi téh ukur eurih jeung rungkun kaso anu kawilang rembetna. Tuda rék jadi tatangkalan kumaha mun mumunggang gunungna kalimpudan ku batu jeung taneuh nu ngabata tilas lahar nu ngaléléd. Pan ti handap gé katémbong sakitu angarna. Jaba sok kahéab ku hawa ti jero gunung anu panasna sok karasa nepi ka luar. Munasabah lamun di éta gunung mineng kahuruan téh. Pangpangna mun keur halodo panjang.

Lantaran ngandung panas bumi, di suku Gunung Guntur béh wétan loba kaluar cipanas. Éta tempat ayeuna kasohor nelah Cipanas tur kajojo ka mamana. Jadi pangjugjugan wisatawan anu ngahaja hayang mandi atawa uubar. Tapi di suku gunung béh kalérna mah, anu pagigir¬gigir jeung Gunung Gedé, anu sohor téh Curug Citiis. Sarua éta gé pada ngajugjug, pangpangna ku barudak ngora.

Aya carita rayat anu hirup di lingkungan masarakat sabudeureun Gunung Guntur. Eta carita téh aya patula-patalina jeung sasakala bituna Gunung Guntur, anu nyaritakeun patelakna antara Ranggalawé jeung lanceukna, Ratna Inten Déwata di Karajaan Korobokan (Timbangantén).








Kean Santang jeung Bagenda Ali

Raja Pajajaran, nyaéta Prabu Siliwangi, kagungan putra pameget, jenenganana Kean Santang. Kean Santang ti aalit dilatih kana kagagahan jeung kadugalan.

Barang parantos sawawa, anjeunna ngémut. Ceuk émutanana, "Aing ayeuna geus tamat diajar rupa-rupa élmu. éImu kagagahan geus kacekel kabéh. Aing henteu teurak ku pakarang, tara raheut-raheut acan. Nepi ka ayeuna aing mah can élmu aya tamatna? Naha enya aing téh panggagahna? Ah, aing panasaran. Aing rék ngalalana, rék nyiar élmu, sugan baé aya kénéh élmu anu aing acan nyaho."

Terna baé Kean Santang ngalalana. Ngalalana ka mana-mendi, tuluy meuntas lautan. Nya nepi ka Mekah. Di dinya anjeunna ngadangu, cenah anu luhur élmuna jeung gagah téh Bagenda Ali alias Sayidina Ali. Anjeunna seja nepungan.

Ari keur angkat, tepang jeung hiji sepuh. Ku éta sepuh, Kean Santang dipariksa ka mana nya tujuan.

Kean Santang ngawaler, "Abdi téh badé nepangan Bagenda Ali. Maksad badé ngadu kagagahan."

Euh, kitu mah hayu atuh dijajapkeun ku Mama," saur sepuh téh.

Tuluy baé Kean Santang ngiring ka éta sepuh. Barang geus angkat sajongjongan, sepuh téh sasauran. "Aéh, iteuk Mama tinggaleun. tong geuning nanceb. Punten pangnyandakkeun."

Geuwat Kean Santang mulih deui, maksad nyandak teteken kagungan éta sepuh. Iteuk téh dijewang, tapi pageuh. Tuluy dicabut ditanagaan, bet teu uget-uget acan. Kean Santang dudugingan nénjo getih sorangan. Tapi naha enya ari diajar nyabut iteuk, nepi ka rey bijil késang badag késang lembut.

Sepuh téh nyakétan, pok sasauran, "Naha lami-lami teuing?"

"Aduh Mama, abdi teu tiasa nyandak ieu iteuk," waler Kean Santang mani ngahégak.

Kean Santang ngaraos salirana kokoprot ku késang. Barang disidik-sidik, Manahoreng salirana téh rembes ku getih. Anjeunna pohara kagetna. Laksana ayeuna mah ningali getih sorangan téh. Geuning getihna téh beureum, kawas getih nu séjén.

"Pagar palsu ngadu kagagahan sareng Bagenda Ali, geuning nyabut iteukna ogé henteu kaduga!"

saur sepuh téh.

Manahoréng éta téh Bagenda Ali alias Sayidina Ali téa. Kean Santang nyuuh kana sampéan Sayidina Ali. Tétéla jalma mah taya nu sakti, loba kénéh élmu nu kudu diulik.

Tuluy baé Kean Santang lebet Islam, sarta ngulik rupi-rupi élmu agama di Mekah. Engkéna anjeunna mulih deui ka Pajajaran, nyebarkeun Islam di lemah caina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar